"Kaulinan barudak saperti égrang, oray-orayan, ucing-sumput, jeung gatrik, sanajan kiwari geus jarang katingali, tetep boga nilai anu gedé. Salian ti ngalatih fisik, kaulinan ieu ogé ngajarkeun barudak pikeun silih gawé bareng, jujur, sarta ngatur stratégi. Loba di antarana anu dipaénkeun sacara kelompok tur merlukeun komunikasi anu alus antar pamaén." Tina pedaran di luhur, naon anu bisa disindekkeun ngeunaan kaunggulan utama kaulinan barudak tradisional Sunda?